Follow our Blog

Kategori

Test Footer

Recent Comments

Test Footer 1

Kumpulan Dongeng Sunda 2017



Dongeng merupakan suatu cerita yang tidak benar-benar terjadi, yang sifatnya hanya untuk menghibur. Jenis Dongeng Fabel ini sendiri merupakan jenis dongeng tentang binatang atau dalam bahasa sundanya sato atau sasatoan yang seakan dapat berbicara atau bertingkah laku seperti layaknya manusia.

1.Gagak Hayang Kapuji
Kumpulan Dongeng Sunda 2017

Aya gagak maling dengdeng ti pamoean. Geleber hiber bari ngaheumheum dengdeng tea kana tangkal dadap sisi lembur. Kabeneran harita katangeneun ku anjing nu kacida kabitaeunana da puguh kabeukina. Kusabab kitu, ku anjing disampeurkeun. Tapi sanggaus anjing aya dihandapeun, boro-boro ditanya teu direret-reret acan. 
Anjing mikir piakaleun supaya dendeng tea kapimilik ku manehna. Sanggeus manggih anjing ngomong, Leuh aya manuk alus-alus teuing. Pamatukna panjang bulu hideung tapi mani lemes kitu. Manuk naon nya ngaranna? Kawasna mah moal aya tandingna dibandingkeun jeung cendrawasih ge moal eleh.” 
Mimitina mah omongan anjing teh teu didenge. Tapi sanggeus aya omongan moal eleh ku cendrawasih, gagak atoheun pisan. Manehna kungsi beja yen cendrawasih tehmanuk pang hadena. Tapi ceuk anjing manehna moal eleh". 
Kitu nu matak manehna ngarasa ngeunah kupamuji anjing. Malah ceuk pikirna deui asa haying ngabagi dengdeng jeung anjing. Ngan kusabab hese meulahna kahayangna teu kalaksanakeun. 
Anjing nempo beungeut gagak marahmay sanggeus dipuji ku manehna. Ceuk pikirna pasti usahana hasil. Ceuk pikirna deui naon hesena muji-muji keur ngahontal kahayangna.Kusabab kitu pok deui anjing,”Lamun daekeun mah haying nyobat jeung manuk nu sakitu lucuna. Ngan rumasa sorangan mah sato hina. 
Saumur-umur kudu ngadunungan, sare digolodog, rajeun manggih hakaneun oge pasesaan. Tapi najan teu bisa nyobat oge jeung manuk lucu, atuh ngadenge-ngadenge sorana. Meureun moal panasaran teuing!”. 
Barang ngadenge pamuji anjing anu sakitu ngeunahna, gagak poho keur ngaheumheum dengdeng, ngan ngong we disada, “Gaak Gaaak” cenah. Atuh barang engab pamatukna barang pluk we dengdeng tehmurag. Anjing gancang nyantok dengdeng nu murag tea tuluy dihakan di nu bala. 
Gagak nu hanjakaleun mah teu ditolih. Sababaraha jongjonan gagak teh cindekul we dina dahan bari ngararasakeun teu ngeunahna ku kalakuan anjing. Manehna karek ngarti yen anjing muji bebeakan tehhaying dengdeng nu keur diheumheum ku manehna. 
Ti dinya mah geleber gagak tehhiber kana tangkal kai rek neangan hileud keur ganti dengdeng nu disantok ku anjing.

2.Gajah Eleh Kusirem
Kumpulan Dongeng Sunda 2017

Hiji waktu di tegalan di Afrika, aya hiji gajah keur ngadigleu we leumpang ngageyot di tegalan. Padahal di tegalan nu rek diliwatan ku gajah teh aya sireum lobana mangjuta-juta, keur digawe nyieun sayang. Kapan di tegalan Afrika mah sireum teh nyarieun sayangna marucunghul patingrunggunuk. Tampolana ku gedena sayang sireum teh aya nu segede pasir leutik patingarenclo.

Di jero eta sayang sireum nu lobana jutaan teh ngarendog, baranahan. Jeung lain siga sireum di urang. Sireum Afrika mah bentukna rek siga sireum tataman lamun di urang. Galak sabab mun geus ngaronom mangsana, bakal amburadul. Singa, zebra oge teu mangga pulia mun geus dironom ku eta sireum mah.

Ari minangka alat komunikasina antarsireum teh nya eta “anteneu” opat jiga tanduk. Lamun hiji sireum Afrika manggihan kadaharan, “anteneuna” tea tingarulang mere kode jeung soara. Jauhna eta alat teh bisa rebuan meter. Nya kusabab kitu, mun hiji sireum meunang kahakanan, dina waktu sababaraha menit jutaan sireum bisa nambrong hiji sato gede, umpamana singa nu geus rerempo atawa zebra, bisa diserang ukur jamjaman kari tulang-talengna wungkul. Ngagehan ajag.

Basa gajah ngaliwat ka eta tegalan teh, aya nu nangenan nya eta manuk dadali. Manehna karunyaeun bisi sayang sireum nu keur babareungan dijieun teh digele ku gajah. Nya gajah teh dibejaan.

“Gajah, kade leumpang teh ulah noyod ka lebah dinya, sabab sireum keur nyarieun sayang bisi katincak karunya,” ceuk manuk dadali ngingetan.

“Wah na asana teh pira sireum. Katincakan mah paling ge pejet!” gajah nembalanana teh sombong pisan, asa aing gede, asa aing kuat. Ka nu leutik teh teu ngahargaan pisan.

Kitu deu kadal Afrika ge nu haat ngabejaan ka gajah sangkan ulah noyod bisi nincak sayang sireum, teu diwaro anggur terus we gajah teh ngadigleu muru jutaan sireum nu keur parulang anting ngakutan taneuh ti jero lombang.

Na barang anjok kana gundukan imah sireum tea, ngan leye .. leye we sireum nu aya rewuna teh ditincakan, atuh ngan hos paraeh we da teu kaburu kabur.

Ningali rayatna rebuan paraeh ditincakan ku gajah, raja sireum ambekun pisan. Gajah ditangtang perang. Gajah ditantang kitu teh lain sadar kana kasalahanana, kalah ka atoh bari sombong. Manehna seuseurian. Ari sireum nyieun siasat keur perang jeung gajah teh rewuan sireum teh nyieun lombang nu jeronan salaput gajah.

Dina waktu nu geus ditangtukeun perang dimimitian. Loba sato sejen nu ngalalajoan perang campuhna antara pasukan sireum jeung gajah teh.

Gajah nyuruntul rek ngaleyek rewuan sireum nu nangtang perang ka gajah. Sireum ngahajakeun nangtang ti jajalaneun nu geus meunang ngagali tea. Atuh ditangtang kitu asa dilelewean, gajah teh beuki ambek.

Sebrut nyuruntul ka hareup teu tolih tincakeun. Atuh puguh we barang nepi kana lombang tea, ngan gurawil we gajah teh asup kana lombang bari tigurawil kana lombang. Gajah ukur bisa ugal-ugil teu bisaeun hanjat.

Sireum geus puguh nempo lawanna tigebrus teh teu ngengkekeun deui terus we napuk nyarocoan. Teu dibere ampun beuki lila sireum teh beuki loba, antukna gajah bobor karahayuan teu kuat ngalawan sireum nu ceuk ukuran mah sakitu leutikna, lain tandingna.

thanks google...

Related : Kumpulan Dongeng Sunda 2017

0 Komentar untuk "Kumpulan Dongeng Sunda 2017"